RSS

Arsip Kategori: Sajak Sunda

Pileuleuyan

Langit cedem lir nu ngarti yen diri keur aya dina katugeunahan ati
Bewara ti babaturan yen manehna minggu hareup rek jatuk rami
Mawa sumeblak kana diri
Sok ras inget ka nasib diri
Nu masih jauh kana weningna ka asih keur jatuk rami
Kuring lain iri
Tapi malah ngukur diri
Batur nu sataun kalangkung masih silih upahan jeung silih doa
Ayeuna geus menangkeun pasangan sajati
Tinggal kuring ngagugulung kanyeri
Mikiran lalaki nu geus rakirabi

Ngadangu babaturan sanasib rek ka bale nyungcung
Kuring sadar kudu ngalepaskeun kaasih semu
Nu ngan saukur mitresna maya di dunya tanpa nyata
Tresna nu ngan saukur dina kata jeung basa
Tanpa aya bukti nyata
Malah lila-lila diri kuring lir nu ka sura

Pileuleuyan…… pileuleuyan….. pileuleuyan…….
Kuring nutup carita kenangan
Nyingraykeun sagala kaheman jeung kanyeri
Malah akun anjeun oge dipicen
Amih carita urang ka pupus ku waktu nu terus maju
Kuring ngelepaskeun anjeun
Bral miang tong ngalongok deui ka tukang
Lain maksud kuring mutuskeun silaturahmi
Tapi kuring kur nutup ka asih nu ngagorogotan diri
Pileuleuyan…. pileuleuyan…. pileuleuyan…..

 
Leave a comment

Posted by pada September 22, 2010 in Sajak Sunda

 

Kaitkata:

 
Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

Bergabunglah dengan 87 pengikut lainnya.